Kamis, Februari 26, 2009

PARIRIMBON ASLI (Jangan Dipercaya, Dibaca Saja)

Tabeatna Jalma Nurut Kana Bulan Waktu Dipedalkeun

Bangsa urang mah anu geus kolot jarang/langka nyatetkeun waktu dipedalkeun bulan, tanggal, jeung pasaran, ari nu karek sawawa mah tangtu aya oge anu nyatetkeun dina ieu itungan henteu kudu poe atawa tanggal jeung pasaran deui cukup ku bulanna bae, bisa dipake kanu nyatetkeun sok komo ka budak nu karek dipedalkeun mah, piraku sugan urang poho sanajan teu dicatetkeun oge. Upama bae dipedalkeun meneran bulan:
Ø Muharam
Seukeut pangaruhna, lamun di jero atina keur mikir gancang kaharti (pinter), tapi bae sabalikna lamun bodo teu kapalang pangbodona teh (katotoloyoh).
Ø Sapar
Gede ambek, omonganana jamburaul, upama barang gawe henteu junun atawa teu lutreuk, ngan bae tingkah lakuna sarwa hade.
Ø Mulud
Keras kana sagala-galana, bisa nyekel kapangkatan sarta bisa beunghar tur daek (rajin) nganasehatan kapada kaula.
Ø Silihmulud
Bisa ngagenggem kahadean jeung kagorengan, tingkah lakuna rikat jeung binekas, lamun geus ambek terkadang bisa ngabahayakeun.
Ø Jumadil Awal
Bodo, tapi bae boga pangabaran satia sarta karidlahan, ngandelkeun kana nasib dirina sorangan bae.
Ø Jumadil Ahir
Wanian katambah jeung pinter, sok ngarendahkeun diri sarta kacida handap asorna (henteu angkuh).
Ø Rajab
Katawis di luarna mah bodo tapi batinna mah pinter bisa ngaluhuran (unggul) ti sasamana.
Ø Rewah
Sabar, lamun nyarita sok satarabasna sarta gancang sok diparuji ku batur sasamana.
Ø Puasa
Lungguh jeung hade atina
Ø Sawal
Keras atina (barangasan), naon bae kahayangna tara beunang dipondah ku nu sejen.
Ø Hapit
Salawasna milampah kahadean bae.
Ø Rayagung
Kaleuwihan, upama milampah hade ngaleuwihan tina kamistiannana, kitu deui upama milampah jahat, leuwih-leuwih jahatna oge, terkadang bisa jadi nepi ka niwaskeun ka nu lian.

Sumber: Djuarsa Supaatmadja, Paririmbon Asli, Bandung, tanpa tahun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar