Kamis, Februari 26, 2009

PARIRIMBON ASLI (Don't Believed, Read Only!)

BALUKARNA LINI

1. Muharam
Ti beurang = Rea panyakit sarta rayat rea kabingbang.
Ti peuting = Kasusahan ku kurang kadaharan.
2. Sapar
Ti beurang = Rea jalma anu parindah tempat.
Ti peuting = Kanugrahan, rea anu pinanggih kesenangan, sasatoan oge teu kurang hakaneun
3. Mulud
Ti beurang = Rea jalma silih pitenahkeun.
Ti peuting = Rea hujan angin.
4. Silihmulud
Ti beurang = Rea jalma papaduan sarta rea anu maraot.
Ti peuting = Hujan gede sarta angin ngagelebug, ngan bae rea kanihmatan
5. Jumadil Awal
Ti beurang = Rea jalma pacogregan sarta rea nu nimbulkeun kajahatan.
Ti peuting = Sakur tatangkalan ngarangrangan lantaran katiga banget sarta kaliwat panas.
6. Jumadil Ahir
Ti beurang = Rea masiat lantaran katiga banget.
Ti peuting = Ayem tengtrem.
7. Rajab
Ti beurang = Rea panyakit sasatoan (pes).
Ti peuting = Rea bangsat, lantaran rempan sarta risi rea jalma anu parindah tempat.
8. Rewah
Ti beurang = Rea panyakit sarta kakurangan sandang pangan.
Ti peuting = Rea jalma anu barungah lantaran babari ku sandang pangan.
9. Puasa
Ti beurang = Rea jalma anu pacogregan.
Ti peuting = Rea jalma anu parindah.
10. Sawal
Ti beurang = Rea nu nandang kasusah.
Ti peuting = Rea pacekcokan lantaran teu nurut parentahan.
11. Hapit
Ti beurang = Rea anu poho ka kolot anu nimbulkeun supataan kolot, pangagung rea anu pacekcokan.
Ti peuting = Bakal rea anu maot sarta parindah ka sejen tempat.
12. Rayagung
Ti beurang = Rea panyakit (pagebug), rea jalma nu kabingungan.
Ti peuting = Rea hujan nu nimbulkeun kagumbiraan.

Sumber: Djuarsa Supaatmadja, Paririmbon Asli, Bandung, tanpa tahun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar